Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Film Pendek Sunda Si Ucup di Jailan Si bangkit

Dina carita Film Pendek Sunda ieu nyaeta tuluyan tina carita si Ucup Jail ka si Bangkit waktu keur ngurek di sawah maneh di sungkrukeun ka sawah nepika bobolokot awakna pinuh ku taneuh sawah, si ucup anu keur tibra sare dina luhur korsi meuni tibra, terus aya si bangkit anu ngaliwat jorojoy manehna aya niat ngabales ka si ucup, bari seuri sinis si bangkit terus naek kana janela terus manehna ka dapur neangan areng bari di kosrek kosrek, teu kungsi lila si bangkit nyampeurkeun deui ka si ucup anu keur sare kumanehna panon si ucup di hideungan si bangkit ngabayangkeun yen si ucup bakal di era era ku batur.

Dina Carita Film Pendek Sunda ieu carita si ucup jeung si bangkit kawas ucuing jeung anying qnu pasea wae, teu kungsi lila si ucup hudang terus manehna nginum cai anu aya dina meja, manehna teu sadar lamun eta cai ternyata cai iris anu tilu poe katukang, kusabab manehna lapar si ucup terus kadapur bari sungkab singkab kana piring di dapur, tapi nyatana di dapur euweuh nanaon kusabab si bangkit anu jadi mamangna teu masak, jorojoy si ucup inget kana pos yen di posteh sok loba kadaharan soalna loba babaturan manehna anu ososk dangdutan.

Teu kungsi lila manehna geus nepi ka markas didinya kasampak babaturana keur dangdutan, si ucup datang bari joged, pas anjog babaturana anu eukeur dangdutan langsung eureun anu di markas carolohok ninggali panon si ucup anu hideung, atuh ceuk babaturana nanya ka si ucup eta panon maneh kunaon, terus si ucup ngaca manehna langsung inget ka mamangna si bangkit pasti eta kalakuan mamangna si bangkit, atuh si ucup teu eleh geleng pajarkeun teh etamah obat herbal, si ucup keliling mangaruhan ka urang lembur ti barudak nepi ka kolot yen panona hideungteh cenah obat herbal.

Teu kungsi lila si bangkit anu jadi mamangna si ucup hudang manehna lapar niatna arek ka warung arek meuli karedok, kencling manehna init ti imah barang anjog ka hiji imah manehna reuwas aya dua budak awewe keur maen boneka panona harideung, terus manehna ka lapangan anu biasana loba barudak maen kaleci atuh manehna kaget deui sabab didinya loba budak laleutik maen kaleci kusabab manehna panasaran atuh langsung nanyakeun kunaeon eta panon hararideung, cenah mah etateh obat herbal ceuk si ucup atuh si bangkit makin bingung jeung keder.

Tidinya manehna terus ngaleos teu malire ka barudak anu eukeur arulin, terus manehna ningali ibi ibi diuk di sisi jalan bari ngarala kutu ieu oge sarua panona hararideung atuh si bangkit mingkin reuwas manehna ningali jelema di lembur eta panona hararideung  pari cenahmah obat herbal eta resep ti si ucup, akhirna si bangkit tepi kawarung atuh manehna leuwih ngajenghok si ibi warung oge sarua hideung panona, antukna manehna pingsan didinya.

Tonton Videona



Manehna sadar geus aya di imah ku si ucup di hudangkeun beungeurna di kepretan cai pas beunta ku si ucup di gerewahkeun atuh pingsan deui. ieu carita di ramkum tina chanel youtube carabangal TV sok mangga di subscribe.

Baca Oge Carita Film Saterusna : Carita Sunda Si Ucup Nyieun Onar - Film Pendek Sunda