Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Film Pendek Sunda - Si Ucup Budak Jail

Dina Film Pendek Sunda ieu nyaritakeun si ucup budak anu sok jail kabina - bina, Si ucup katelahna di kampung eta anu ngahiji hirupna jeung mamangna anu ngarana si bangkit, dina caritana maranehna harirup susah imah oge butut tur barolong komo ari hujanmah sok ariris euweuh cicinganeun.

Film pendek sunda ieu di sadur tina chanel youtube carabangal TV sok bisi rek di tongton video - videona, tadina chanel manehana campur aduk sagala aya kawas bala - bala tina mulau video game, video ngabahas masalah android, teuing timana idena manehna ayeuna nyieunan Film pendek sunda bari videona garokil.

Film pendek sunda anu kahiji manehna ngenalkeun intro hungkul anu nyaritakeun dina hiji poe wah sore bari ka ayaan di lemur, si bangkit atawa mamangna si ucup manehna arek ngurek, ditanya ku si ucup arek kamana, Si ucup di ajakan ku mamangna tapi si ucup kalahkeun nolak pajarkeunteh engke we cenah arek nyusul.

Nya leosweh si bangkit ngaleos ka sawah arek neangan belut, bari ngajingjing emer jeng urek manehna leumpang dina galengan sawah bari angka ongko neangan liang belut. atuh horeng simana horeng si ucup nuturkeun paneurieun bari ongko ongkoan arek ngajailan si bangkit anu jadi mamangna.

keur anteng - anteng ngurek datang si ucup ti tukangeun si bangkit, bari ngaliwat si bangkit di gejeburkn ka sawah sirahna nyungseb baru bobolokot si bangkit langsung hudang ngamek kasi ucup bari tutunyuk arek males, anehna si ucup kalahkeun seuserian kawas anu bungah ningali si bangkit di kusrukeun teh.

Film pendek ieu saukur introna, bisi arek ningali videona tah aya di handap.



Bersambung Film Pendek Sunda Si Ucup Embung Hudang