Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Film Pendek Sunda Si Ucup Embung Hudang

Dina film pendek sunda lucu ieu nyaritakeun si ucup anu embung hudang isuk isuk sababna tiris, maklum di pilemburanmah hawana wararegah hayangna sare komo ari di barengan usum tirismah hayangna ngagojod bari di simut, carita ieu di kutif tina chanel youtube carabangal TV manehna nyieunan video - video sunda anu lalucu.

Dina hiji mangsa kacaritakeun si bangkit mamangna si ucup keur ngulub sampeu, bari siduru dina hareupeun hau manehna ngulub sampeu anu ampir geus asak, bari ngagerendeng manehna heran kusabab nu jadi alona si ucup acan wae hudang, kuniang si bangkit hudang tina hareupeun hau bari gogoroan kasi ucup horeng simana horeng si ucup masih keneh sare ngarengkol dina jero kamar, bari amek amekan si bangkit ngahudangkeun si ucup tapi angger wae teu hudang, terus si ucup ku si bangkit di bere kelek anu bau haseum sabab can mandi bari jojorowokan si ucup ampun ampunan lamun manehna arek hudang.

Si ucup akhirna hudangna oge terus di titah ku mamangna ngeusian bak ku cai soalna mamangna arek mani, atuh kutuyap si ucup teh kaluar imah bari sirahna tidagor kana lawang panto, si ucup ngoloyong ka cai, horeng simana horeng suganteh si ucup arek mani tapi bet kalahkah ngaringkuk dina jero bak mani, manehna nuluykeun sare ti imah.

Tonton Videona


Si bangkit di imah jongjon wae manehna ngadaharan sampeu anu tadi di kulub bari suruput nginum cai anu aya dina mug, manehna samemeh mani ngadaharan heula kulub sampeu, sa enggeus warek manehna tuluy ngoloyong nyokot anuk, terus manehna kaluar ti imah bari kop kana sabun jeung sikat gigi bari di asupkeun kana baham.

Teu kungsi lila manehna nepi kacai bari hahariringan ngalagu manehna jongjon mani, teu kungsi lila manehna sibeungeut ku sabun cuci muka, pas manehna rek ngumbah beungeut gayungna murag. pletak aya sora anu di sada sihoreng gayung anu murag teh keuna kana sirah s ucup, aduuh kadenge sora si ucup anu hudang katinggang gayung, bari rumpu rampa si bangkit neangan gayung ari pek manehna kalah kana sirah si ucup atuh duanana rareuwaseun bari sing keuleuweh Jurrrrrriiiiiig.

Bersanbung